Definisi Pancakaki, macam-macam & conto-contona|| Basa Sunda
Pancakaki téh boga dua harti. Kahiji, pancakaki téh nyaéta sarsilah duduluran (sistem kekeluargaan) dina hiji kulawarga di masarakat Sunda. Ngawengku rundayan katurunan, jeung sesebutan parenahna jelema ka jelema deui nu sakulawarga atawa dulur (baraya) kénéh. Kadua, pancakali téh nyaéta mapay parenahna babarayaan. Nurutkeun naskah Sunda kuno "Siksa Kandang Karesian" jeung "Amanat Galunggung" , sarsilah katurunan urang Sunda baheula ti handap ka luhur nyaéta anak, incu, umpi, cicip, muning, santana, anggasantana, pratisantana, jeung putuh wekas (putu jejak). Ieu istilah masih dipaké di masarakat Baduy (Banten). Kiwari éta istilah tèh jadi robah susunana. Nyaéta anak, buyut, bao, canggahwaréng (janggawaréng), udeg-udeg, kait siwur (gantung siwur), bau sinduk, jeung karuhun atawa luluhur. Pikeun nambahan pangaweruh hidep, ayeuna urang pedar istilah-istilah nu patali jeung pancakaki. 1. Rundayan atawa Turunan – anak => turunan kahiji. – incu => turunan kadua, ana...